“[…] Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang. Nu caket geura raketan; nu deukeut geura deuheusan. Moal jauh tina wujud, moal anggang tina awak. Aya naon jeung aya saha dina diri sorangan? Cirina satangtung diri. Pek geura panggihan heula ku sorangan. Ulah waka nyaksian batur; saksian heula diri sorangan. Ari elmu teh kanyaho. Lamun geus nyaho bakal ca’ang. Lamun geus ca’ang bakal nya’angan […]”
Asa manunggal
Senin, 06 Maret 2017
Ucapan nu nyentuh
Tatarucingan
Sato naon anu pang leutikna saalam dunya? {Cacing cacingan)
Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti Luarna)
Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini rusak)
Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? (Tinggal turunna)
Pare naon anu teu ngeunah? (Parea-rea omong)
Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? (Nyeri
sukuna)
Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. (Keretas)
Budak dugul asup kana embel. (Cilok)
Petina hiji, mayitna loba. (Korek api)
Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)
Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
Hayam naon anu keur jengke? (Hayam nu keur sondah)
Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui)
Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. (Gitar)
Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup)
Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? (Sabab teu make kaca spion)
Kaca naon anu sok disada? (Kacapi)
Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din (Pa Haji Samsudin)
Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok? (Sapiderman)
Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? (Hayam paeh)
Supirna opatan ari panumpangna saurang. (Pasaran)
Buah naon anu tara diala? (Buah murag)
Piramida di jerona aya harta karun. (Bacang)
Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal tititinggi, naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna) Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina kareta api nu keur maju)
Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
Sukuna hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
Ka handap muka ka luhur nutup. (Seleting)
Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber)
Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar saminggu)
Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,)
jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana? (Anjing baseuh)
Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu seuri eta huluna)
Naha superman bajuna make hurup "S"? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
Hiji diala ari loba teu diala. (Huis)
Buah naon anu sok diwedak? (Kesemek)
Tangkal naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung)
Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan
Sisindiran urang sunda
Manuk ciung na pisitan
Buah nangka aratah keneh
Mun dicium kunu kumisan
Sabulan karasa keneh
Aya listrik di masigit
Caangna ka pabrik kina
Aya istri jangkung alit
Hanjakal teu di calana
Tongeret di baju hejo
Cau amon dua deui
Tong direret tong di tenyo
Kuringmah geus boga deui
Ecet - ecet oet - oet
Ngaronda ngarurek beulut
Kapelet kuring kapelet
Ku randa nu gede hitut
Meulak saledri sareung kangkung
Tangkalna dua ngahiji
Loba istri di tariung
Hanjakal teu bisa ngaji
Ngala saga sisi huma
Di samberan ku waliwis
Tiis raga tiis sukma
Lantaran jadi kanu geulis
Suwangkung ulah di humbut
Pikeun tihang papanjangan
Nu jangkung ulah sik imut
Bilih kuring ka edanan
Ninyuh ubar ku cipati
Di wadahan piring geulas
Anu sabar eta pasti
Ku allah di pikawelas
Papan kiara di tatah
Iraha jadi lomari
Mun bisa miara letah
Mokahna salamet diri
Jeruk purut Cikaruncang
Jambu aer wanayasa
Camerut hayang ka bujang
Susu laer teu karasa
Cau kepok keur rumegang
Dieunteupan bonol hejo
Keur dekok katamah egang
Ditambah olol leho
Salawe dua puluh lima
Mobil Sedan Cetna Hejo
Awewe jaman ayeuna
Bisa dandan teu bisa ngejo
Salawe dua puluh lima
Sayang piit na buruan
Awewe jaman ayeuna
Hayang .... nu buluan
Mencit meuri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeuri ku panyakit
Kabogoh di rebut batur
Caang bulan opat belas
Kacai di tiyung anuk
Aya mojang matak waas
Erloji ge menang nganyuk
Mak tarasi tutung
Keun urang balikeun
Mak si nyai punung
Keun urang kawin keun
Aya roda na tanjakan
Katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan
Katinggang ku hulu botol
Piring pisin di ragaji
Colenak di kalapaan
Abdi isin ku paraji
Boga anak euweuh bapaan
Ngala tutut ka talaga
Alat na pacul ayakan
Kitu patut hayang ka surga
Solat nage eulateulatan
Kamana jalan ka jogja
Kaditu ka palih wetan
Kamana jalan ka surga
Kaditu kapangaosan
Lauk emas dina ganggeung
Disameran kujapati
Boga emas moal langgeung
Teu cara boga pangarti
Meuli daging ka ciawi
Jalan na ka singaparna
Judang jeuding kasalaki
Teu di bere eusi calana
Hanyakal ngadu kaleci
Liang beulut ngagedean
Hanyakal boga salaki
Liang .... ngageudean
Sok hayang ka kadipaten
Meuli bandeng salawean
Sok hayang jd panganten
Ngarah mineng ganti pakean
Salawe dua lima
Sate kodok dI colok-colok
Awewe jaman ayena
Make anderok pa pondok-pondok
Majar maneh cengkeh koneng
Kulit peuteuy dina waru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung meuni nambru
Aya jalma teu boga alis
Sabab getol dikerokna
Neng geulis tong gumeulis
Sabab rujit katenjona
Hoyong teuing angen waluh
Angeun waluh di surawungan
Hoyong teuing geura wawuh
Tos wawuh rek di tepungan
Boboko ayakan petot
Papais teu di bitingan
Kabogoh kuring anu peot
Di ais kalah ngisingan…..
Ngala eurih ngala eurih
Sapoe meunang sadapur
Nyeuri peurih nyeuri perih
Awewe kuring d rebut batur..
Kaso pondok matak nyogok
Kaso panjang matak nyugak
Anu pondok jadi orok
Anu panjang jadi budak
Aya huma dekeut situ
Eta huma nu bogana randa
Naha urang sunda teh kitu
Alim nyarios ku basa sunda
ecet-ecet oet-oet
ngaronda ngalureuk belut
kapelet kuring ka pelet
ku randa nu gede hitut.
Hayu urang mupu tiwuohan
malah mobok pagu
Huntu linu murukusunu
bongan tara ngosok huntu
Didieu loba kanyere..
“Hanjakal parentil keneh..
“Didieu loba awewe..
“Hanjakal carentil kabeh
keur ngaronda katirisan
usum ngijih ngenah metis
aya randa geulis pisan
geulisna leuwih ti artis ….mana euy mana???
Ibu peri milih casan..
Ngan hanjakal teu dibeuli..
Itu istri geulis pisan..
Ngan hanjakal tara mandi
Mulung tanjung tengah gunung
meunang cangkilung saguruntul
Nurus tunjung mbah dukun
ceunah nulung malah rahul
Lantera lampu lantera
Di kumbah di beresihan
hampura atuh hampura
jorok oge da sisindiran
Awak kuru meni begeng
Geus begeng tambah cembetut
Aya awewe ekeur nonggeng
Singhoreng ekeur ngaluarkeun hitut
Tutut lain sembarang tutut
Tutut dicandak ti Cirangkong
Hitut lain sambarang hitut
Hitut gede siga bangkong
Ka Pasteur Jalan Dr. Junjunan
Balik gawe naek jalan layang
Aduh Lieur ngabandu
Papatah kolot bahela
Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub
Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu
Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah
Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati
Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung.
Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwh sanget tibatan sungut
Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal anggih jeung balitungan
Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan
Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah
Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah
Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang
Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu dipake
Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat
Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan
Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur
Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada
Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari
Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel
Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan
Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna
Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan
Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa
Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea
Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung.
Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti-nganti
Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung
Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa
Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na
Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang.
Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.
Sabar teh lain Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.
Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.
Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa.
Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.
Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta
Nyunda
Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun
(berbicara benar apa adanya)
Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan
(saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat).
Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang
( maju terus pantang mundur ).
Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak
( solid / Kompak/ team work ).
Sacangreud pageuh sagolek pangkek
(Commitment, menepati janji & consitent).
Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
( integritas harus mengikuti etika yang ada)
Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
( communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun )
Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek
(Trust – ngak boleh korupsi, maling, nilep, dlsb… kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya).
Kudu hade gogod hade tagog
(Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya *John Robert Power melakukan training ini mereka punya Personality Training, dlsb).
Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh
( harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi ).
Pondok jodo panjang baraya
(siapapun walaupun bukan jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga)
Ulah ngaliarkeun taleus ateul
(jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb).
Bengkung ngariung bongok ngaronyok
(team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).
Bobot pangayun timbang taraju
(Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)
Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang
(Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah).
Kudu nepi memeh indit
(Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).
Taraje nangeuh dulang pinande
(setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).
Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian
(jangan berebut kekuasaan).
Ulah ngukur baju sasereg awak
(Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).
Ulah nyaliksik ku buuk leutik
(jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)
Ulah keok memeh dipacok
(Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).
Kudu bisa kabulu kabale
(Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri).
Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih
(Research & Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan).
Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok
(Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).
Neangan luang tipapada urang
(Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain).